Kamis, 27 Juni 2024

RUKUN SHOLAT 17

RUKUN SHOLAT

Ari rukun sholat batang aya 17 perkara
1. Niyat
2. Takbirotul ikhrom
3. Nanggtung anu ajeg pikeun jalma anu kuat kana nangtung
4. Maca Fatihah
5. Ruku’
6. Tuma'ninah dina ruku’
7. I'tidal
8. Tuma'ninah dina i'tidal
9. Sujud dua
10. Tuma'ninah dina sujud dua
11. Diuk di antara sujud dua
12.Tuma'ninah dina diuk diantara sujud dua
13. Tasyahud akhir
14. Diuk dina tasyahud akhir
15. Maca sholawat ka kanjeng nabi Muhammad shallallahu alaihi wasallam dina diuk tasyahud akhir
16. Aweh salam
17. Tartib. 
(Ari ngaran tartib miheulakeun anu tiheula mandeurikeun anu pandeuri) 
=============&============

Sabtu, 22 Juni 2024

Lirik Nadzom Aqoid Iman, Sifat Allah dan Para Rosul versi Sunda ...

 Nadhom Aqoid Lima Puluh


Ari aqo'idul iman 

lima puluh kayakinan

kanyahokeun sing enyaan 

mun ngaku jalma beriman


nu dua puluh sifat na

wajib aya di Alloh na

Dua puluh nu muhal na 

nu jadi lalawan nana


Sifat nu jaiz na hiji

jumlah opat puluh hiji

hak Alloh nu maha suci

teras na di tambah deui


opat nu wajib di rusul

opat nu muhal di rusul

nu jaiz na hiji wungkul

Jumlah salapan nu nyusul


jadi opat puluh hiji

tambah salapan berarti

jumlah lima puluh pasti 

pek sebutan hiji-hiji


wujud,qidam,baqqo,mukholafah lil hawa'dis

qiyamuhhu binafsihhi, wahdaniat, qudrot, irodat,

ilmu hayat, sama', basor, kalam,qodiron muridan,

aliman, hayan, sami'an, bashiron, mutakaliman


Aya, heubeul, langgeng, beda jeung kabeh nu anyar

jumeneng kalawan dzat na hiji Alloh dina dzatna,

hiji na sifat na, hiji padamelan nana,

kawasa, kersa, uninga Alloh nu hirup na,


ngadangu, ningali, sasauran bukti kawasa,

bukti Alloh kersa, uninga, Alloh nu hirup na,


bukti nu ngadangu, nu ningali nu dadawuh,

jadi sadayana nu wajib na dua puluh.


Adam, Hudus, fana, mumasalah lil'hawadis 

ihtiaj, Ta'adud, 'ajzu wa karohah.

jahal, maot, somam, umyun, bukmun, kaunuhu 'ajijan....

karihan, jahilan, mayitan, a'shom, a'ma, abkam.


Euweuh anyar ruksak sarupa eujeung nu anyar

Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun

Bingbilangan dzat na sifat na sareng damel na

Apes kapaksa bodo maot torek lolongna


Pireu bukti Alloh anu apeus anu kapaksa

anu bodo maot,torek,lolong,jeung pireuna


Wenang ti Alloh na

midamel barang nu mungkin

teu aya anu wajib midamel barang nu mungkin.


sidiq amanah tabligh patonah 

kidzdzib khianat kitman biladah

Bener kapercaya ngadugikeun eujeung pinter

bohong cidera jeung nyumputkeun tur bodo na


wenang ti rusul na sifat manusa biasa

kaya tuang leueut angkat kulem sajabana.


NADHOM GUSTI URANG SAREREA

NADHOM GUSTI URANG SAREREA Gusti urang sarerea,  Kangjeng Nabi anu mulya Muhammad Jenengannana,  Arab Qurais nya Bangsana. Ramana Gusti Abdu...