Rabu, 03 September 2025

NADHOM GUSTI URANG SAREREA


NADHOM GUSTI URANG SAREREA


Gusti urang sarerea, 

Kangjeng Nabi anu mulya

Muhammad Jenengannana, 

Arab Qurais nya Bangsana.


Ramana Gusti Abdullah, 

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeunna di Mekah, 

Wengi Senen Taun Gajah.


Robiul Awal bulanna, 

Tanggal ka dua belasna

April bulan Masehina, Tanggal ka dua puluhna.


Ari bilangan Taunna, 

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambihna, Sareng sahiji punjulna.


Siti Aminah Misaur, 

Waktos babarna kacatur

Ningal cahya meni ngempur, 

Di Bumina hurung mancur.


Babar taya kokotoran, 

Orok lir kenging nyepitan

Soca lir kenging nyipatan, 

Sarta harum seuseungitan.


Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanehan

Sesembahan bangsa setan, 

Kabeh pada karuksakan.


Nabi yuswa lima bulan, 

Geus tiasa angkat-angkatan

Yuswana salapan bulan, 

Geus capetang sasauran.


Yuswana sapuluh bulan, 

Tiasa ameng papanahan

Ngelehkeun budak nu lian, 

Tapi tara kumagungan.


Parangina Kangjeng Nabi, 

Jatnika pinuh ku puji

Pinter tur gede kawani, 

Sabar nyaah ka sasama.


Keur opat taun yuswana, 

Dibersihan manahna

Nabi dibelah dadana, 

Malaikat nu meulahna.


Jibril kadua rencangna, 

Mikail jenengannana

Ngeusikeun kana manahna, 

Ilmu hikmah sapinuhna.


Tuluy dada Kangjeng Nabi, Gancang dirapetkeun deui

Sarta teu ngaros nyeri, 

Dihap ku Khotamin Nabi.


Harita Nabi ayana, 

Di lembur Ibu inangna

Halimah jenengannana, 

Sa’diyah ngaran lemburna.


Rama Nabi kacaturkeun, 

Pupusna kacarioskeun

Basa Nabi dibobotkeun, 

Dua sasih kaunggelkeun.


Keur lima taun yuswana, 

Ditinggal pupus Ibuna

Tuluy dirawat Eyangna, 

Abdul Mutolib asmana.


Kersana Robbul ‘alamin, 

Kangjeng Nabi nu prihatin

Yuswa dalapan taun yakin, 

Eyangna mulih ka batin.


Sabada wafat Eyangna, 

Nabi dirawat Uwana

Abi Tolib kakasihna, 

Saderek teges Ramana.


Kangjeng Nabi sering pisan, Dicandak ka Nagara Syam

Sok nyandak barang dagangan, di dinya teh pajeng pisan.


Kacatur di eta Nagri, 

Loba Pandita Yahudi

Sarta Pandita Nasrani, 

Nu tepang jeung Kangjeng Nabi.


Sadayana sasauran, 

ieu jalma mo nyalahan

Pinabieun ahir jaman, 

Taurot Injil geus ngibaran.


Sipat Nabi panganggeusan, 

Aya di Anjeuna pisan

Hartina loba nu Iman, 

Ka Nabi ngangken panutan.


Lami-lami Kangjeng Nabi, 

Disambat ku hiji istri

Dagang ka unggal Nagari, Kauntunganna dibagi.


Istri jenengan Khodijah, 

Putra Huwailid ka telah

Nu pangbeungharna di Mekah, Ka Nabi ka langkung nyaah.


Siti Khodijah masrahan, 

Ka Nabi barang dagangan

Maisaroh nu ngarencangan, 

Ka Nabi purah nyarengan.


Kacarios Maisaroh teh, 

Loba pamendakna aneh

Ciciren Nabi nu soleh, 

Matak ngaherankeun kabeh.


Tatangkalan uluk salam, 

Mega bodas sok mayungan

Jeung aya cap kanabian, 

Dina salirana pisan.


Pamendak Siti Khodijah, 

Cocok pisan jeung Maisaroh

Ahirna Siti Khodijah, 

Ka Nabi mundut ditikah.


Harita yusawana Nabi, 

Salawe taun kawarti

Ngadak-ngadak sugih mukti, 

Tapi tambah saati.


Karesepna Kangjeng Nabi, 

Ka Gusti Allah ngabakti

Di Gunung Hiro maranti, 

Ibadahna saban wengi.


Di dinya jol kasumpingan, 

Jibril nu nurunkeun Qur’an

Kalawan dawuh Pangeran, 

Nabi didamel utusan.


Harita yuswanan Nabi, 

Pat puluh taun kawarti

Diutus ku Allah pasti, 

Nyebarkeun Agama Gusti.


Anu iman pangheulana, 

Siti Khodijah garwana

Abu Bakar kaduana, 

Sohabat nu pangmulyana.


Murangkalih nu nonoman, 

Anu pangheulana iman

Sayidina Ali pisan, 

Ka Nabi saderek misan.


Jeung ari jalma beulian, 

Anu pangheulana iman

Sayidina Bilal kaleresan, 

Anu jadi tukang adan.


Ari lolobana pisan, 

Ka Nabi teh ngamusuhan

Nganiaya ngajailan, 

Teu aya pisan ras rasan.


Para sahabat kungsi ngalih, 

ka Nagri Habsyi nu tebih

Di dinya Anjeuna linggih, 

Kira kenging tilu sasih.


Samulih sohabat ti Habsyi, 

Kacarios Kangjeng Nabi

Kenging pohara cocobi, 

kersana nu Maha Suci


Uwana sareng garwana, 

Pada pupus duanana

Harita Nabi yuswana, 

Ka lima puluh taunna.


Geus pupus Siti Khodijah, 

Nikah ka Siti Saodah

Sareng Siti Aisyah, 

Ummul Mu’minin katelah.


Ti dinya kersa pangeran, 

Maparin kamulyaan

Ka Nabi nu ahir jaman, 

Kakasih nu sipat Rohman.


Nuju tanggal tujuh likur, 

Bulan Rajab nu kacatur

Nurut koul anu masyhur, 

Kangjeng Nabi teh disaur.


Dipapag ku Malaikat, 

Nyandak Buroq nu kasebat

Leumpangna teh cara kilat, Tunggangan Nabi angkat.


Ti Mekah ka Baitul Maqdis, 

Teu nganggo lami antawis

Ku jalma hanteu katawis, 

Kersana Gusti nu Wacis.



Ti Baitul Maqdis terasna, 

Naekna Tangga Kancana

Mi’raj tea kasebatna, 

Ka langit Nabi sumpingna.


Tujuh langit sadayana, 

Jeung ’Arasy nu pangluhurna

Disumpingan sadayana, 

Katut Surga Narakana.


Kangjeng Nabi ditimbalan, 

Ku Gusti nu sipat Rohman

Anjeuna kudu netepan, 

Solat muji ka Pangeran.


Kabeh jalma anu iman, 

Sami pada kawajiban

Solat nu lima giliran, 

henteu meunang dikurangan.


Solat eta minangkana, 

Dina Agama tihangna

Jalma nu luput solatna, 

Nyata rubuh agamana.


Kacarios dina jaman, 

Mi’rajna Nabi panutan

Yuswana teh kaleresan, 

Lima puluh dua jalan.


Kapir Mekah kacaturkeun, 

Barang Nabi nyrioskeun

Mi’raj lain dimulyakeun, 

Anggur pada nyeungseurikeun.


Pada hasud ngakalakeun, 

Ti dinya Allah ngersakeun

Kangjeng Nabi dialihkeun, 

Ka Madinah disirnakeun.


Per sahabat pirang-pirang, 

Nu bumela milu iyang

Milu ngalih sewang-sewang, 

Henteu pisan sumoreang.


Tambah kamulyaan Nabi, 

Di Madinah asal sepi

Jadi reme ku nu ngaji, 

Muji ka nu Maha Suci.


Sapuluh taun lamina, 

Di Madinah jumenengna

Agama Islam cahyana, 

Gumebyar kamana-mana.


Nagri Mekah diperangan, 

Ahirna kaboyong pisan

Nabi tambah kamulyaan, 

Yakin lain jijieunan.


Ari yuswa Kangjeng Nabi, 

Genep puluh tilu pasti

Maqomna dijero nagri, 

Madinah nagara suci.


Puputrana Kangjeng Nabi, 

Aya opat anu istri

Siti Zaenab nu kahiji, 

Ruqyah nu hiji deui.


Ummi Kultsum katiluna, 

Siti Fatimah bungsuna

Ari putra nu cikalna, 

Sidna Qosim kakasihna.



Sidna Abdullah rayina, 

Ibrahim katiluna

Eta nu genep putrana,

Siti Khodijah Ibuna.


Sidna Ibrahim Ibuna, 

Mariyah jenengannana

Istri ti Mesir asalna, 

Tah kitu turunannana.


Putra nu pameget kabeh, 

Pupus keur aralit keneh

Nu istri carogena teh, 

para sahabat nu soleh.


Siti Zaenab carogena, 

Abul ’Ash jenengannana

Siti Ruqyah carogena, 

Sidna Ustman mimitina.


Geus Siti Ruqyah hilang, 

Anjeuna turun ka ranjang

Ummi Kultsum putri lenjang, 

Ditikah gentos nu hilang.


Caroge Siti Fatimah, 

Sidna Ali nu katelah

Bakaromallohu Wajhah, 

Anu kamasyhurkeun gagah.


Ari putu Kangjeng Nabi, 

Dalapan pameget istri

Siti Umamah jeung Ali, 

Ti Siti Zaenab kawarti.


Ari Sidna Abdullah mah, 

Putu ti Siti Ruqyah

Putu ti Siti Fatimah, 

Aya lima kabehna mah.


Tilu anu pamegetna, 

Sidna Hasan kakasihna

Sidna Husain kaduana, 

Sidna Muhsin katiluna.


Ummi Kultsum nu isterina, 

Ka Sidna Umar nikahna

Sitna Zaenab kaduana, 

Nurut ungeling wartosna.


Urang kudu cinta ati, 

Ka turunan Kangjeng Nabi

Poma ulah goreng ati, 

Sumawonna hiri dengki.


Ari mungguh Kangjeng Nabi, Nyaahna langkung ti misti

Ka umatna jaler istri, 

Leuwih ti sepuh peribadi.


Welas asih ka nu miskin, Sumawonna ka budak yatim

Pada seubeuh ku paparin, Kadaharan jeung pisalin.


Akuan ka urang kampung, 

Calik satata ngariung

Tara angkuh jeung adigung, 

Sanajan ka urang gunung.


Ka nu nyandak kasusahan, 

Gering jeung papatenan

Ngalayad sarta ngubaran, Ngajajapkeun ka kuburan.



Manis saur manis budi, 

Estu mustikaning jalmi

Sajagat mo mendak deui, 

Sae rupi jeung parangi.


Raray lir bulan purnama, 

Halisna lir katumiri

Waos lir intan biduri, 

Salira harum wawangi.


Estu kersaning Pangeran, 

Lain seungit diminyakan

Karinget pada nandean, Diparake seuseungitan.


Sakitu Nabi mulyana, 

Taya pisan adigungna

Angkat pungkureun sohbatna, Kalangkung handap asorna.


Anggoan kersa lumayan, 

Najan nu geus ditambalan

Kitu deui katuangan, 

Banget pisan dikurangan.


Betah dina kamiskinan, 

Lain sabab teu kagungan

Ngahaja bae ngirangan, 

Ngarah karidoan Tuhan.


Pirang-pirang mu’jizatna, 

Tawis kanabiannana

Qur’an nu nomer hijina, 

Mu’jizat nu pangmulyana.


Tangkal nu perang daunna, 

Sisiram tilas abdasna

Ngadadak loba buahna, 

Sarta hirup satuluyna.


Domba nu begang kuruna, 

Sartana Lapet susuna

Diusap ku pananganna, 

Ngadadak juuh susuna.


Dina hiji waktos deui, 

Sohbat kakirangan cai

Teras bae Kangjeng Nabi, 

Mundut cai anu kari.


Cai ngan saketel pisan, 

Taya deui anu liyan

Nabi neuleumkeun panangan, Dumadak tuluy manceran.


Cai mancer loba pisan, 

Kaluar tina panangan

Sela-sela ramo pisan, 

Cukup ku jalma rebuan.


Kacatur hiji Bedewi, 

Ngadoja ka Kangjeng Nabi

Nitah nyaur tangkal kai, Sina ngomong cara jalmi.


Tuluy tangkal teh disaur, 

Harita ku Kangjeng Rosul

Tangkal datang ngagulusur, 

Akarna teh digugusur.


Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi, Uluk salam cara jalmi

Sanggeus kitu balik deui, 

Ka tempat asalna tadi.



Badwi ngan kantun heran, 

Ningal eta kaanehan

Tuluy bae asup Islam, 

Ka Nabi ngangken Panutan.


Salianna loba deui, 

Mu’jizatna Kangjeng Nabi

Mun diwincik hiji-hiji, 

Keur nulisna moal mahi.


He Allah nu sifat Rohman, 

Abdi sadayana Iman

Teu aya deui Pangeran, 

Liyan titi Anjeunna pisan.


Nu ngadamel bumi alam, 

Euwuh saeusina pisan

Nu wajib diibadahan, 

Taya anu nyasamian.


Sareng abdi iman deui, 

Ka Sidna Muhammad Nabi

Yen eta Utusan Gusti, 

Miwulang sadaya jalmi.


Nu sifat kapercayaan, 

Bijaksana tur budiman

Bener unggal sasauran, 

Najan saur kaheureuyan.


Ngajembarkeun Kangjeng Nabi teh, Ka jalma sadunya kabeh

Dawuh Pangeran nu soheh, 

Nu wajib diturutna teh.


Hurmat urang ka Anjeunna, 

Dina mangsa jumenengna

Sareng saba’da wafarna, 

Eta teu aya bedana.


Duh Gusti Jungjunan abdi, 

Sidna Muhammad habibi

Pamugi salira nampi, 

Ka nu hina diri abdi.


Abdi Umat ahir jaman, 

Anu banget panasaran

Horeng tepang ngadeuheusan, 

Seja tumut serah badan.


Di yaumil ahir pamugi, 

Abdi sing janten ngahiji

Sareng indung bapa abdi, 

Ngiring Gusti ka Sawargi. 

NADHOM RUNDAYAN KANJENG NABI

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh...

Sadaya puji kagungan Alloh. Sholawat salam mugi salamina ka Kanjeng Nabi Muhammad shollallohu 'alaihi wasalam, ka para kulawargina, ka para sohabat oge ka urang sadaya salaku umat anu taat ka mantenna. Amin....

Ieu dihandap nadhom rundayan/nasab Kanjeng Nabi. Mugia manfaat kasadayana.

NADHOM RUNDAYAN KANJENG NABI

Wajib ka jalma islamna
uninga rundayanana
jeung nabi utusan Alloh
Muhamad putera Abdulloh 2x

Abdulloh putera Mutholib
Mutholib puterana Hasyim
Hasyim putera Abdi Manaf
Abdi Manaf putera Qushoy 2x

Qushoy puterana Kilab
Kilab puterana Murroh
Murroh puterana Ka’ab
Ka’ab puterana Lu’ay 2x

Lu’ay puterana Gholib
Gholib puterana Fihir
Fihir puterana Malik
Malik puterana Nadhor 2x

Nadhor putera Kinanah
Kinanah putera Khuzaimah
Khuzaimah putera Mudrikah
Mudrikah puterana Ilyas 2x

Ilyas puterana Mudhor
Mudhor puterana Nizar
Nizar puterana Ma’ad
Ma’ad puterana ‘Adnan 2x

Nuwajib dugika ‘Adnan
Haram nguningakeunana
ti ‘Adnan dugika ka Adam
Sabab taya jalan shoheh 2x

Wajib deui uningana
Rundayana ti Ibuna
jeung Nabi utusan Alloh
Muhamad putera Aminah 2x

Aminah puterana Wahab
Wahab putera Abdi Manaf
Abdi Manaf putera Zuhroh
Zuhroh puterana Kilab 2x

tepang deui ti ramana
ti Kilab janggawarengna
jadi ibu jeung ramana
masih keneh sarundayan 2x

Diteraskeun kana nadhom putra Rosululloh..

NADHOM GUSTI URANG SAREREA

NADHOM GUSTI URANG SAREREA Gusti urang sarerea,  Kangjeng Nabi anu mulya Muhammad Jenengannana,  Arab Qurais nya Bangsana. Ramana Gusti Abdu...