Puji kalih syukur ka dzat anu maha gofur alloh swt anu
parantos nangtayungan urang sadaya siang sinareng wengi, rehna dina dinten ieu
urang tiasa paamprok jonghok patepang raray di ieu acara dina kaayaan sehat wal
afiyat
Solawat miwah salam urang curahkeun ka jungjunan urang
sadaya habibana wanabiyana kanjeng nabi Muhammad saw. pamugi syafa’at mantena
lungsur ka para kulawargina ka para sohabatna tur dugika urang sadaya anu lebet
kana umatna jaga dugi ka yaumil akhir.
Bapa kalih ibu hormateun pribados, oge kanca mitra hormateun
pribados, kalayan asmana sohibul baet simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping
disarengan ku laksa ketik kabingahan ka sadaya anu rawuh dina ieu tempat,
utamina ka rombongan calon panganten pameget anu parantos panceg dina waktosna.
Nu ditunggu parantos cunduk nu dianti parantos sumping taya hahalang rintangan.
Alhamdulillah dina wanci nu mustari ieu, gusti nu maha suci
parantos ngabulkeun paneda urang sadayana, rehna dina dinten ieu urang sami
rawuh kanggo masihan pido’a kalih restu kangge kadua insan anu baris ngajatuk
rami wastana,,,,putri kaasih ti bapa...... kalih ibu..... anu bade didahup ku
wastana .......... putra kadeudeuh ti pangersa bapa......kalih ibu.....
Anu sumangga urang doakeun ku sadayana pamugi calon mempalai
saparantosna diakadan sing dijantenkeun kulawargi anu sakinah mawaddah warohmah
kenging ridona gusti alloh swt. amin
Bapa ibu hormateun simkuring, sateu acanna ngiring jabung
tumalapung lumampah cumarita seja wakca balaka wireh sim kuring sanes pujangga
anu ahli ngareka basa, kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda
boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang dina kakedahannana.
Nu dianti tikamari nu didago-dago tibareto diantos-antos
saban waktos kiwari parantos cunduk nyucruk galur tikapungkur mapay laratan
para anbiya niti wanci nu mustari ninggang nangsa nu utama, kalayan nyebat
asmana alloh ieu acara seja dikawitan, bismillah..........
Bapa ibu sateu acann urang lajeungkeun kana acara akad nikah,
urang regepkeun hela sami-sami lantunan ayat suci alquran anu bade baris
dilantunkeun ku .......kalayan sagala kahormatan disumanggakeun
Hatur nuhun ka pangersana ust...... anu parantos ngaoskeun
lantuna ayat suci alquran
Bapa kalih ibu anu sami linggih,
Sateuacanna urang lajeungkeun ka acara anu salajengna
sakumaha adat sareng budaya urang sunda teu afdol pami aya kedal lisan ti
wawakil kedua mempelai
Kumargi kitu urang regepkeun ku sadayana gerentes qolbu ti
kasepuhan kulawargi panganten pameget anu baris didugikeun ku pangersana
........
Haturnuhun ka kersana ...... anu parantos ngadugikeun kedal
lisan ti calon mempelai pameget
Anu salajeungna urang kupingkeun kedal lisan panampian ti
pihak calon mempelai istri anu dibade didugikeun ku.............. Kalayan sagala
kahormatan disumanggakeun
Kedal lisan papasrahan sareng panampian ti dua belah pihak
parantos didugikeun
Atuh anu salajeungna sakumaha adat kailaharan sumangga
kangge cacandakan tipihak calon panganten pameget disanggakeun sacara simbolis
ka pihak calon panganetn istri.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar